Sunday, May 20, 2012

Hirup

Naon atuh ari HIRUP ?
Kasebutkeun yen hirup teh EUSI
Kanyataan yen HIRUP EUSI sakabeh RUANG jeung WAKTU
HIRUP ngeusi kana sakabeh KAHIRUPAN nu aya
HIRUP teu warna ,teu rupa, teu angseu, teu sora
HIRUP eta Berdikari, Teu keuna ku ruksak, teu bisa di rampa
teu bisa di gambarkeun, eta gambaran SAJATINA HIRUP

Bisa di silokaan yen hirup eta :
HI hartina HIJI
RUP hartina RUPA-RUPA

Jadi dimaknaanana yen HIRUP teh HIJI
ngan nyurupna HIRUP eta kana hiji wadah ngajadi rupa-rupa
jadi bisa dihartikeun yen HIRUP boga KEHENDAK
baris nampilkeun DIRIna, makana HIRUP butuh ku wadag kasar
lantaran HIRUP azali na mah ALUS atawa LEMES pisan.

Bener, lamun aya nu nyebutkeun yen hirup teh NYAKSIAN DIRINA
ku hakekat DIRI PRIBADINA sorangan supaya tetep dina HAKIKINA
atawa KALANGGENGAN SAJATINA DIRI.

HIRUP sajatina TEU KEUNA atawa TEU KA TUNGKUL ku pati
sabab lamun hirup keuna ku pati eta lain HIRUP.
di dieu makna hirup LANGGENG (BAQA) salalawasna
teu kena ku robah, ku polah, ku misal, jadi hirup teh kudu pasti
Hirup ge di maknakeun boga rasa, jadi aya harti yen WUJUD HIRUP nyaeta RASA
atawa pancaran dina hirup teh nyaeta RASA HIRUP

Ibarat rasa, gede tapi leutik, leutik tapi gede
hirup, rasa, jeung wadah teu kahalangan ku waktu
ngan supaya eusi jeung wadah alus atawa sampurna hirup
bakal ngarobah waktu, ngarobah cuaca, ngarobah kaayaan
nu leuwih alus, leuwih sampurna.

Rep sirep sakujur tangtung, Rep sirep di sanubari, Rep sirep sinuku tunggal
jeroning ati nu suci, jeroning ati nu mokaha, kumelip bintang di langit
marahmay bulan opat welas, nyarorot cahaya panon poe
nyurup dina curugan, bray caang narawangan, katumbiri pinuh ku widadari
rupa-rupa cahaya, rupa rupa warna, kabengbat ku welas asihna diri,
diri manusa nu sajati,

Lat… hilang buana sajagat
Dat.. ngancik jeroning cupu manik
Les… sakabeh alam corengcang
barabay, burial, bunceulik nur sajati
sing ngait kana ati, GUSTI nu teu jauh jeung DIRI
sing kapi ati ku diri emut teguh kana jangji
jadi SAKSI NU SAJATI....


0 comments:

Post a Comment

 
© Copyright 2012 RasaDzaati
Alwinz